Sabtu, 01 Februari 2014

Lagu Kakawihan

1.   Kalongsing
      Kalongsing kalongsing
      Bapa sia utang ngising
      Dibura ku madu kucing
      Madu kucing meunang maling

      Kalongsing kalongsing
      Bapa sia utah ngising
      Beak samak beak samping
      Teu cageur waktu sapeuting

2.      Trang-trang Kolentrang
Trang-trang kolentrang 
Si Londok paeh nundutan 
Tikusruk kana durukan
Mesat gobang kabuyutan


3.      Ucang-ucang Angge
      Ucang-ucang angge
Mulung muncang saparangge
Digogogan ku anjing geude
Ari ge, gog jingunguk


4.      Hompimpah
Hompimpah alaihum gambreng
Bu ipah pake baju rombeng


5.      Asur-asur Api
      Asur-asur api
Apina nyonggo kendi
Kendina urang banten
Terenteun kejo puleun
Jungung gonggo di gogoan anjing geude
Samping copong ditambalan ku kulit embe


6.      Eundeuk-eundeukan Lagoni 
Eundeuk-eundeukan Lagoni 
Meunang Peucang sahiji 
Leupas leupas deui ku Nini 
Beunang deui ku Aki 
Cangkuang Eundeuk-eundeukan 
Bale Bandung Paseban 
Meunang Peucang Pa Ujang 
Leupas deui ku Akang


7.      Cir Gobang Gocir
Cing gobang gocir
Cabe beureum lada
Cing urang taksir
Anu make baju beureum saha

8.      Bang kalimagobang
Bang bang kalimagobang, bang bangkong di tengah sawah, wah wahai tukang bajigur, guru sakola desa, sasaban poe ngajar, ja jarum paranti ngaput, put putri anu gareulis, lis lisung kadua halu, lu luhur kapal udara, ra ragrag di Jakarta, ta tahun opat puluh hiji, ji jidur tru katabeuh, beu beuheung luhureun punduk, duk duka da teu nyaho, ho hoe di kebon bonteng, teng terong teu kaceuleum, lem lumpa lempi lumpa lempo adu pipi jeung nu ompong di tojos irungna copong.

9.      Tokecang 
Tokecang-Tokecang 
Balagendil tosblong 
Angeun kacang angeun kacang
Sapendil Kosong

Aya listrik di ma sigit
Meuni caang katingalna
Aya istri jangkung alit
Aya karangan na pipina

Tokecang-tokecang
Balagendil tosblong
Angeun kacang angeun kacang
Sapependil kosong


10.   Ayang-ayanggung
Ayang-ayang gung 
Gung goongna rame 
Menak ki Wastanu 
Nu jadi wadana 
Naha maneh Kitu 
Tukang olo-olo 
Loba anu giruk 
Ruket jeung Kompeni 
Niat jadi pangkat 
Katon kagorengan 
Ngantos Kangjeng Dalem 
Lempa lempi lempong 
ngadu pipi jeung nu ompong 
Jalan ka Batawi ngemplong
        

11.  Bulantok
Bulantok-bulantok 
Bulan gede Bulan Montok 
Moncorong sagede batok
Bulantok-bulantok 
Aya Bulan sagede batok 
Bulanting-bulanting 
Aya Bulan sagede Piring


12.  Cingcangkeling
Cingcangkeling 
Manuk cingkleung cindeteun 
Plos ka kolong 
Bapa Satar buleuneung

Kleung dengdek buah kopi raranggeuyan
Keun anu dewek ulah pati diheureuyan


13.  Punten 
Punten mangga 
Ari ga, Gatot Kaca 
Ari ca, cau ambon 
Ari bon, bonteng Asak 
Ari sak, Sakit Perut 
Ari kebiasaan, rujak asem 
Ari sem, sempal-sempil 
Ari pil, pilem rame 
Ari saya, Meja Makan 
Ari kan, kantong.Untuk Kosong 
Ari lagu, Songsong lampu 
Ari pu, Puak-paok 
Ari wajan, wajan candewok


14.  Sang tata
Sang tata sang nini rangda
Dindi mondok di tanjung jaya
Aya naon aya meong tutul
Sabaraha batur tilu puluh tilu
Dug nutu sabedug menang sasangga
Buruhana tilu geugeus

Tidak ada komentar:

Posting Komentar